Random Post

Trending Topik

Popular Post

Ping your blog, website, or RSS feed for Free

Recent Post

CONTENT BLOGGER HERE
CONTENT TWITTER HERE
CONTENT FACEBOOK HERE

Comments

Blog Berkah. Diberdayakan oleh Blogger.

Search This Blog

CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (2)



Assalamualaikum, wr.wb.
Du’a………………
Minangka pamuka pisanggem, sim kuring nyanggakeun sadaya puji ka Alloh anu Murbeng alam, anu midamel bumi langit katut pangeusina. Ku ayana widi ti Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung patepung  lawung paamprok jonghok enggoning nepangkeun sareng manjangkeun silaturahmi antawis kulawargi ti Karangnunggal sareng kulawargi ti Kawali Ciamis. Mugia bae ieu pajemuhan teh aya dina ridlo sareng ginulur rahmat Gusti Alloh.
Solawat sinareng salam mugia salalamina ngocor ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka parakulawargina, ka parasohabatna. Mugia aya leleberanana kanggo urang sadayana, kalayan mugia urang sadaya kenging sapaat ti Mantenna di yaumal kiyamah. Amin.
Bapa Haji Sasmita miwah Ibu, kitu deui wargi-wargi anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan, hormateun sim kuring,

Sim kuring sasanggem  di  dieu teh minangka wawkil pun lanceuk Kang Adiwiguna kalih Ceu Imas Nastiti ti Karangnunggal, kapancenan kedah masrahkeun pun alo anu wastana Ginanjar Pratama anu insya Alloh moal lami deui baris didahupkeun sareng tuang putra wastana Titin Patimah.
Kantenan ieu pancen teh kanggo sim kuring mah teu kinten abotna. Rumaos sim kuring mah sepi ku harti tuna ku pangabisa, kawantu sanes ahlina. Dupi ayeuna bet kedah janten wawakil kanggo masrahkeun calon pangnten pameget di payuneun parawargi. Rajeun soteh sumanggem di payuneun murangkalih di kelas da eta mah parntos padamelan sadidinten. Asa rempan sim kuring teh. Rempan ku dua ku tilu. Bilih ieu pancen teu kaawakan ku sim kuring. Nanging parantos dipaparin kapercantenan anu sakitu ageungna, piraku ku sim kuring dimomorekeun. Nya bade lah-lahan bae ieu mah bade nyobi-nyobi etang-etang lauk buruk milu mijah puritan milu endogan. Jalaran kitu langkung ti payun seja neda sihapunten bilih aya catur nu teu kaukur aya basa nu teu kareka.
Bapa miwah Ibu Haji Sasmita hormateun sim kuring,Pun lanceuk sadudulur dongkap ka dieu teh tangtos seja aya nu dipimaksad. Sateuacaanna neda widi tina galih anu wening, manah anu setra, margi sok sanaos parantos kagalih pamaksadanana, ayeuna ku sim kuring bade didadarkeun langkung tandes, supados tiasa kasakseni ku sadaya anu sami-sami rawuh.
Janten kieu gek-gekanana : Pun lanceuk teh gaduh budak wastana Ginanjar Pratama nuju meujeuhna belekesenteng. Upami dipapandekeun kana hayam mah nuju jajangkar. Duka kumaha ngawitanana eta pun alo teh sering ngalalar ka palih dieu. Meus-meus teu aya, meus-meus teu aya ti rorompok  teh geuning di Ciamis aya nu dianjing cai. Lami-lami rupina teh dugi ka wantun unggah.  Tetela geuning pun anak teh parantos kabandang ku mojang lanjang pancaran Kawali Ciamis, anu teu aya sanes putra kameumeut Bapa kalih Ibu Haji nya eta Neng Titin Patimah tea.Pun lanceuk teh aya bingah aya rempan. Dupi bingahna, eta geuning gaduh lalaki pun Ginanjar tea tos aya gerentes niat rarabi. Ari rarabi teh kanggo urang anu ngagem
                                                                                                                                                18
agama Islam mah apan janten salasawios sunah Rosul. Jalaran kitu rarabi teh mangrupi bagian tina ibadah. Eta rupina kabingah anu teu kinten ageungna teh. Dupi anu matak janten rempanna, bilih mojang anu dipikahoyong ku pun alo teh ninggang kana sisindiran lain babad lain pacing, lain kananga kuduna, lain babad lain tanding lain kadinya aduna atanapi ninggang kana paribasa piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, jogjog neureuy buah loa, atanapi cecendet mande kiara, cileuncang mande sagara, hunyur mandean gunung. Margi tangtosna oge parantos kauninga ieuh kulawargi pun lanceuk teh bibit-buit pilemburan, urang kampung bau lisung, rundayan bulu taneuh, tukang bebelekesekan dina leutak. Moal bade disumput-sumput da parantos nembrak ieuh, mung sakieu buktosna.
Sok sanaos bari risi tur rempan, pun lanceuk teh lah-lahan ngayakeun pamarekan ka kulawargi Bapa kalih Ibu Haji di dieu. Sawios disebat nahap-nahapkeun maneh oge, da pamaksadan mah sae ieuh, hoyong manjangkeun silaturahmi manawi aya bahan katampi.
Alhamdulillah geuning panampian Bapa kalih Ibu Haji di dieu teh sakitu saena. Eta kasaean teh kanggo pun lanceuk mah abot nyuhun abot nanggung, abot narimakeunana, katampi ku hasta kalih kasuhun kalingga murda.
Atuh jinisna, pun Ginanjar sareng  Neng Titin, parantos batu turun keusik naek, kitu deui sepuhna parantos nampi kalayan leah, atuh teu kinten matak bingahna.
Babadantenan parantos jinek, parantos puguh bule hideungna. Cindekna ayeuna dongkap sapiri umpi teh seja nyambung saur nu kapungkur, mapay carita anu kungsi katunda, masinikeun jangji bihari masangkeun subaya baheula, tuang  putra wastana Neng Titin tea bade dipihukum ku pun alo wastana Ginanjar Pratama. Ieu pamegetna ayeuna seja kasanggakeun.
Galeuhna pisanggem, sim kuring ngabantun asmana pun lanceuk seja nyanggakeun pun alo wastana Ginanjar Pratama awakna sakujur, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal. Rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, kabodoanana kaireungtalingeuhanana, kalaipana, siangna wengina, ilang along margahina, katinggang pangpung diudag maung, sanggem paripaosna, sumangga nyanggakeun.
Sareng sanaos kalintang isin ajrihna, tebih tina utami, anggang tina sampurna, tambi isin ngaligincing tamba era ngalongkewang, tamba pamali teuing, aya kagegelan ti pun alo teh. Hatur lumayan encitna sacewir etang-etang kanggo ngadamel carecet, paparabotan kasar etang-etang kanggo minuhan juru dapur. Atuh katingali aya bungkusan  dibuni-buni, tapi sanes inggis  katiisan sanes paur kaibunan, nanging inggis katingali eusi estu eusi sisip ku pangaji.
Paralun sanes bade ngahinakeun, ieu mah estu tawis kabingah anu clik putih clak  herang medal tina ati sanubari anu wening. Babahanan mung saaya-aya pisan, kenging ladang rikrik gemi, belaan kenging ngadua-duakeun huap. Pamugi bae Bapa miwah Ibu Haji di dieu henteu ningali tina jihad pangaos sareng rupina, nanging ningali kana maksadna anu estu clik putih clak herang. Mangga nyanggakeun kalayan mugi ditampi kalayan kaweningan galih, manah anu setra. Sakitu anu kapihatur.
Tutus langkung kepang haling bobo sapanon carang sapakan.
Bilahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum, wr.wb.         
Anda baru saja membaca artikel yang berkategori Artikel dengan judul CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (2). Anda bisa bookmark halaman ini dengan URL http://blogberkah.blogspot.com/2012/04/conto-masrahkeun-calon-panganten.html. Terima kasih!
Ditulis oleh: Unknown - Jumat, 13 April 2012

Belum ada komentar untuk "CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (2)"

Posting Komentar