Random Post

Trending Topik

Popular Post

Ping your blog, website, or RSS feed for Free

Recent Post

CONTENT BLOGGER HERE
CONTENT TWITTER HERE
CONTENT FACEBOOK HERE

Comments

Blog Berkah. Diberdayakan oleh Blogger.

Search This Blog

CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (1)



Assalamualaikum wr.wb.
Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhu wanaudubilahi min sururi anfusina wa min saiati amalina mayahdilahu fala mudilalah wama yudlilhu fala hadiyalah. Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah, ashadu anla ilaha ilalloh wa ashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahi binimatil iman wal islam, sodakolohul adzim.

Puji nu jadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati, kalayan mung karana kodrat mantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina raraga silaturahmi, anu dipatalikeun sareng acara walimatul urus. Solawat kalih salam mugia salalamina dikocorgolontorkeun ka Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW. Oge ka parakulawargina, ka parasohabatna, ka tabiin tabiatna tug duga ka umatna muslimin muslimat. Kalayan pamugi urang sadaya kagolong kana umatna kalayan kenging safaat di yaumalkiamah. Amin.

Ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara anu parantos maparin lolongkrang ka sim kuring kanggo sumanggem dina raraga acara silaturahmi anu dipatalikeun sareng acara nalikeun tali kaasih nyangreudkeun tali kadeudeuh antawis wanoja Karangnunggal sareng jajaka gandang Tasikmalaya.
Awitan ieu pisanggem sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng tepang, pamugi tepangna ieu sing janten wasilah langkung raketna tali mimitran hususna antawis kulawargi Bapa Suganda ti Tasikmalaya sareng Kulawargi Bapa Sunarya ti Karangnunggal, umumna antawis urang sadaya anu sami-sami rawuh di ieu bale katresna. Amin.
Teu hilap sim kuring ngaturkeun nuhun ka parawargi anu parantos nawiskeun kaasih diri, ka sadaya anu lenggah anu parantos masrahkeun katresna manah di ieu pajemuhan.
Sateuacan neraskeun pisanggem, sim kuring ngabantun asmana wawakil ti rombongan seja neda sihapunten bilih sarombongan ti sim kuring salami tumorojog ka ieu tempat tebih tina tata-titi anggang tina subasita, kawantu aya paripaos ciri sabumi cara sadesa, di mana unggal daerah  ngagaduhan kabiasaan sewang-sewangan. Bilih aya laku lampah anu teu merenah sareng kabiasaan di ieu wewengkon, atanapi teu sapagodos sareng mamanahan pribumi di dieu, bilih ti rombongan teu tiasa pindah cai pindah tampian, mugi agung cukup lumur muga jembar hapuntenna.
Parabapa kalih paraibu hormateun sim kuring,
Mugi janten uninga ku sadaya nu lalenggah dina ieu pajemuhan, hususna ku pangersa Kulawargi Bapa Sunarya salaku pribumi, rehna dina wangkid ieu alhandulilah wasukrulilah, sim kuring sarombongan Kulawargi Bapa Suganda ti Tasikmalaya nuju mendak kabingah. Kabingah anu taya papadana, lir karugrugan madu karagragan menyan putih. Kabingah anu taya wates wangenna, lir gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. Saur Ki Dalang tea mah bingah-bingah amarwata suta bingah ka giri-giri, rehing sim kuring       
                                                                                                                                                15
sarombongan barang gek enggal ditalek, barang gok enggal ditaros, bari dipapag ku paroman anu marahmay. Pamugi kasaean pribumi di dieu dijantenkeun amal soleh, kalayan kenging ganjaran ti mantenna. Amin.
Parawargi nu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Bilih janten mawur ku catur, mencar ku carita, sim kuring bade ngadugikeun galeuhna ieu pisanggem.
Numawi sim kuring sarombongan jauh-jauh  ti Tasimalaya dijugjug anggang-anggang ka Karangnunggal diteang, tinangtos aya nu dipimaksad, sok sanaos sim kuring mung suku sambung leumpang biwir sambung lemek nya eta seja ngdugikeun pamaksadan pun bapa, pangersa Bapa Suganda.
Sim kuring ngabantun asmana sepuhna calon panganten pameget pangersa Bapa Suganda sakalih  seja nyanggakeun salam silaturahmi. Alhamdulillah wasukrulillah sim kuring sadudulur ti Tasikmalaya gaduh wargi ti Batucuri  baraya ti Karangnunggal. Hal ieu rupina mangrupi salasawios asihna Gusti Robul ijjati , welasna nu Maha Kawasa Gusti Alloh Azawazala anu kagungan sipat rohman rohim.
Kalihna ti eta sim kuring ngabantun asmana sepuhna calon panganten pameget seja nyambung catur nu kapungkur mapay carita anu kungsi katunda, wirehna sawatara waktos kapengker pun adi wastana Dang  Kurniawan parantos ngalaksanakeun pamarekan dina acara ngalamar, kalayan Alhamdulillah waktos harita panglamarna ditampi ku hasta kalih. Alhamdulillah batu turun keusik naek kalapa tonggoheunana bari di luhur nanggeuh palupuh, Cep Dasep purun Neng Reni daek sarua bogoheunana bari dijurung ku parasepuh, dina wangkid ieu pamugi tiasa sinempayan ngajatukrami, kalayan calon panganten pameget tiasa kasanggakeun.
Sim kuring ngabantun asmana sepuhna seja nyanggakeun pun adi Dadang Kurniawan awakna sakujur, sanggem paripaosna ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. Rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, kabodoanana, kaireungtalingeuhana, katinggang pangpung diudag maung, sanggem paripaosna, sumangga nyanggakeun, kanggo didahupkeun sareng tuang putra di dieu wastana Neng Reni Agustini nu jadi panyileukan beurang jeung peuting.
Nanging kalintang isin ajrihna rehna dongkap ka dieu teh estuning henteu jingjing henteu bawa, henteu kapal henteu keupeul, henteu pasar-henteu pasir-henteu peser,  estuning indit ngan ngaligincing datang ngan ngalongkewang. Sanggem paripaosna cunduk ngan ukur mawa curuk datang ngan ukur mawa tarang, curuk buntung tarang ge pinuh ku kesang. Pun adi dongkapna ka dieu mung ngabantun talutug nahun, nahun namungna weuteuhan mulus henteu karahaan keur ngaseukan pawinihan.  Dongkapna ka dieu teh mung ngabantun nu salawasna dibabantun, nya eta nu sok ngaringkuk kawas kuuk, nu sok ngarengkol kawas kohkol, anu sakapeung mah sok ngompol, anu kasipatan mun katiisan sok hipu alah batan tahu upama kahaneutan sok ngabata saperti batu anu sakapeung mah sok bitu. Mangga nyanggakeun kalawan pamugi tiasa dianggo tempat neundeun kadeudeuh melakeun kanyaah dina mangsa rumah tangga.
                                                                                                                                                16

Tapi tambi isin ngaligincing tamba era ngalongkewang, ieu oge aya babantunan mah mung istuning alakadarna pisan. Duka encitna sacewir, duka sinjangna salambar, ieu oge kenging ngadua-duakeun huap, etang-etang tawis kaasih ti pun adi tawis kanyaah ti nu janten sepu                                                                                                                 
Mugi janten uninga ngahaja babantunan teh direka-reka sangkan teu katara harga. Ngahaja dibungkus dibuni-buni sanes inggis katiisan sanes rempan kahujanan sanes paur kaibunan, nanging inggis kauji eusi malum eusi sisip ku pangaji. Ku kituna nu seja nampi mugi henteu ningali kana eusi nanging nguninga kana maksad anu diseja.
Parabapa kalih paraibu anu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Pamugi pun adi Dadang  Kurniawan sareng Neng Reni Agustini tiasa kauntun tipung katambang beas laksana kapiduriat, dikobul ka bale nyungcung. Salajengna, dina raraga ngawangun rumah tangga pamugi Cep Ddang sareng Neng Reni tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah wa rohmah, tiasa hirup sauyunan, sareundeuk saigel, saketek sapihanan, sabata sarimbagan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, runtut raut sapapait samamanis sabagja sacilaka, jatnika nepi ka pati.
Kajabi ti eta  mugia salila hirup kumbuh salawasna nyangking lalayang panca gapura waluya. Lalayang teh jimat. Pancahartosna lima, gapurahartosna lawang atawa jalan, waluya teh salamet. Nyangking lima jimat pikeun muru jalan kana kasalametan. Nya eta cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Ngan kahade ulah kabalinger.
Bilih ieu pisanggem janten seueur catur tanpa bukur, sim kuring seja mungkasan ieu pisanggem.
Sateuacanna mungkur, sim kluring neda sihapunten bilih aya catur anu teu kaukur, bilih aya basa anu teu kareka. Bilih aya kekedalan sim kuring anu teu nyurup undak-usukna teu ningang kana wirahmana, mugi agung nya paralun muga jembar nya haksami.
Panitih matana opat, nu hiji matana inten, boh bilih aya nu lepat, mugi kersa ngahapunten.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, pikeun cokoteun sampeureun na mangsa nu baris datang, na handeuleun neundeun katineung, na hanjuang nunda kamlang, cag ah..
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan. Bilahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb.
Anda baru saja membaca artikel yang berkategori Artikel dengan judul CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (1). Anda bisa bookmark halaman ini dengan URL http://blogberkah.blogspot.com/2012/04/conto-masrahkeun-calon-panganten_13.html. Terima kasih!
Ditulis oleh: Unknown - Jumat, 13 April 2012

Belum ada komentar untuk "CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (1)"

Posting Komentar