Random Post

Trending Topik

Popular Post

Ping your blog, website, or RSS feed for Free

Recent Post

CONTENT BLOGGER HERE
CONTENT TWITTER HERE
CONTENT FACEBOOK HERE

Comments

Blog Berkah. Diberdayakan oleh Blogger.

Search This Blog

CONTO NARIMA CALON PANGANTEN PAMEGET



Assalamualaikum wr.wb.
Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhu wanaudubilahi min sururi anfusina wa min saiati amalina mayahdilahu fala mudilalah wama yudlilhu fala hadiyalah. Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah, ashadu anla ilaha ilalloh wa ashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahi binimatil iman wal islam, sodakolohul adzim.

Puji nu jadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati, kalayan mung karana kodrat mantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina raraga silaturahmi, anu dipatalikeun sareng acara walimatul urus. Solawat kalih salam mugia salalamina dikocorgolontorkeun ka Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW. Oge ka parakulawargina, ka parasohabatna, ka tabiin tabiatna tug duga ka umatna muslimin muslimat. Kalayan pamugi urang sadaya kagolong kana umatna kalayan kenging safaat di yaumalkiamah. Amin.

Ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara anu parantos maparin lolongkrang ka sim kuring kanggo sumanggem dina raraga nalikeun tali kaasih nyangreudkeun tali kadeudeuh antawis wanoja Rancamaya Karangnunggal sareng jajaka gandang ti teureuh  Cianjur.
Awitan ieu pisanggem sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tatamu anu sae semu ka para nonoman anu sae manah ti tatar dayuh Cianjur, utamina kulawargi jembar Bapa Anda Suhanda (suwargi) kalih Ibu Soipah. Kalayan nyanggakeun jagong tuhur beunang ngunun bagea ka sadaya anu sumping, nyanggakeun tutut gunung kong reuma sumanga sing raos calik.
Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun ka parawargianu moal diwincik hiji-hiji anu parantos nawiskeun kaasih diri, ka sadaya anu lenggah anu moal ditatan sadaya anu parantos masrahkeun kaleah manah mapag rombongan anu dianti-anti ti tatadi  diajam ti anggalna, malah dianti ti kamari diantos ti bareto.
Parabapa kalih paraibu hormateun sim kuring,
Mangrupi bewara ka sadaya anu harempak dina ieu pajemuhan, rehna dina dinten ieu alhandulilah wasukrulilah, saebul maksad Kulawargi Bapa Undang Hadiat kalih Ibu Karwati sakalih nuju mendak kabingah. Kabingah anu taya papadana, lir karugrugan madu karagragan menyan putih. Kabingah anu taya wates wangenna, lir gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. Saur Ki Dalang tea mah bingah-bingah amarwata suta bingah ka giri-giri, rehing nu dianti ti tatadi parantos simping, nu diajam ti angggalna parantos lenggah, parantos aya di payuneun urang sadaya. Kacipta alum ngungunna, tinangtos kuciwa nu taya papadana saupami nu dianti teu aya sumping nu diajam taya lenggah. Ieu teh rupina salasawios kaasih ti Gusti Robul Ijati, welasna Nu Maha Kawasa, Gusti Alloh Azawazala ka umatna anu kasipatan rohman sinareng rohim.  Mung puji kalih rasa syukur anu tiasa kasanggakeun ka Mantenna.
                                                                                                                                                6

Lintang  sihapunten anu kasanggakeun rehna dina panampianana estuning dilalaworakeun pisan. Calikna dina pangcalikan anu kirang utami, lenggahna dina panglenggahan anu kirang sampurna. Boa-boa keuna kana paripaos werit ku budi sareng parangi, tebih tina basa utami anggang tina basa utama. Ku kituna neda agung nya paralun neda jembar hapuntenna.  Sanes teu hoyong ngabageakeun kana kasumpingan para tatamu, rupina jalaran heureut ku pakeun pungsat ku bahan tuna tina subasita, mung sakieu nya kamampuhan. Mugia parabapa paraibu pinisepuh sadaya nawakup tina sanes kanten katuta sareng kakirang. Mugia henteu ngirangan rasa hormat.
Parawargi nu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Tadi parantos kakuping kasauran ti wawakil rombongan Calon Panganten Pameget. Anjeunna parantos masrahkeun calon panganten pameget wastana Dasep Kurniawan awakna sakujur.  Sanggem paripaosna ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. Rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami. Kabodoanana, kaireungtalingeuhana, katinggang pangpung diudag maung sanggem paripaosna, parantos disanggakeun, kanggo didahupkeun sareng pun anak di dieu wastana Dedeh Krismayanti.
Sateuacanna sim kuring nampi, aya anu peryogi kauninga hususna ku Cep Dasep Kuniawan kalih Ibuna nya kitu deui wargi-wargina. Rehna Pun anak Dedeh Krismayanti teh upami disebatkeun atah tea mah masih keneh atah. Atah ku pangwarah tebih ku pangatik, masih keneh meryogikeun pangaping, pangjaring, kalih pangjurung ti nu janten sepuh pibekeleun lakirabi malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu runtut raut repeh rapih, bari luhur kuta gede dunya.
Kalihna ti eta, tadi kakuping yen Cep Dasep dongkapna ka dieuna teh henteu jingjing henteu bawa. Hente pasar-henteu peser-henteu pasir, henteu kapal-henteu keupeul,  estuning indit ngan ngaligincing datang ngan ngalongkewang. Sanggem paripaosna cunduk ngan ukur mawa curuk datang ngan ukur mawa tarang, curuk buntung tarang ge pinuh ku kesang. Cep Dasep nu kasep,  teu sawios-wios da di dieu oge teu disampakkeun nanaon. Mung disampakkeun Neng Dedeh anu gaduh raheut ti kapungkur. Raheut sanes  saraheut-raheutna, legok sanes salegok-legokna. Estuna raheut asli ti ajali, raheut bawana ti kudrat, pikeun neundeun kadeudeuh, nembrakkeun rasa kanyaah dina mangsa rumah tangga
Parawargi, cacandakan mah teu patos diantos-antos, nu utamina mah Kang Dasepna. Sanes sareng cacandakanana tapi sareng nu dicacandakanana, nya eta talutug nahun, nahun namungna weuteuhan mulus henteu karahaan keur ngaseukan pawinihan. Neng Dedeh teu patos nganti cacandakan, nu dianti ku pun anak teh nya eta Kang Dasep  sareng nu dicacandakna, nu ngaringkuk saprtos kuuk, nu ngarengkol sapertos kohkol sok sanaos sakapeung mah sok ngompaol, najan sakapeung mah mun katiisan sok hipu alahbatan tahu, upama kahaneutan mah sok ngabata sapertos batu najan sakapeung mah cenah  sok bitu.
Parawargi, anu majar teu jingjing teu bawa teh geuning teu burung rebo, katingal ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, ngaleut bari tatanggeuyan, ngembat bari cacandakan, ngalabring teh bari ngajaringjing.  Saleresna mah pribumi di dieu henteu owelan nganti-nganti kikiriman. Sanggem sisindiran tea mah kulit awi sesebitan ngantian soteh jinisna mung sarupi Cep Dasep ulah deuk lemor senjata, nu gaduh pamor nu nunggal panuhun henteu kakantun.                                                                                         7
Kantenan ieu Cep Dasep sumpingna  disarengan ku cacandakanana. Ngahaturkeun nuhun kana kasaeanana. Pamugi cacandakan nu mangrupi tawis  kaasih tilam katresna, kanyaah ti nu janten sepuhna sing janten jimat dina ngawangun rumah tanggana.
Parabapa kalih paraibu anu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Bilih janten mawur ku catur, mencar ku carita, sim kuring bade ngadugikeun galeuhna ieu pisanggem.
Sim kuring ngabantun asmana Kulawargi Bapa Undang Hadiat diwuwuh ku para sepuh, disakseni ku kadangwargi, kalayan dikawitan ku aosan Bismilahhi rohmani rohimi, sanes kanten anu parantos disaurkeun kalayan dipasrahkeun ku wawakil ti rombongan Calon Panganten Pameget  tadi DITAMPI, ditampi ku hasta kalih disuhun dina embun-embunan, disangga kalingga murda disarengan ku ati anu wening manah anu setra.
Pamugi Neng Dedeh  sareng Cep Dasep  tiasa kauntun tipung katambang beas laksana kapiduriat, dikobul ka bale nyungcung. Atuh cacandakanana sing janten jimat maranehna dina mungkas mangsa lalagasan. Insya Alloh moal lami deui baris ngajatukrami.
Salajengna, dina raraga ngawangun rumah tangga pamugi Neng Dedeh sareng Cep Dasep tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah wa rohmah, tiasa hirup sauyunan, sareundeuk saigel, saketek sapihanan, sabata sarimbagan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, runtut raut sapapait samamanis sabagja sacilaka, jatnika lahir jeung batin.
Aya amanat ti nu janten sepuhna, hususna ka Neng Dedeh oge ka calon batur hirupna, mugia salawasna nyangking lalayang panca gapura waluya. Lalayang teh jimat. Pancahartosna lima, gapura hartosna lawang atawa jalan, waluya teh salamet. Nyangking lima jimat pikeun muru jalan kana kasalametan. Nya eta cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Ngan kahade ulah kabalinger.
Bilih ieu pisanggem janten seueur catur tanpa bukur, sim kuring seja mungkasan ieu pisanggem.
Sateuacanna mungkur, sim kuring neda sihapunten bilih aya catur anu teu kaukur, bilih aya basa anu teu kareka. Bilih aya kekedalan sim kuring anu teu nyurup undak-usukna teu ningang kana wirahmana, mugi agung nya paralun muga jembar nya haksami.
Panitih matana opat, nu hiji matana inten, boh bilih aya nu lepat, mugi kersa ngahapunten.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, pikeun cokoteun sampeureun na mangsa nu baris datang, na handeuleun neundeun katineung, na hanjuang nunda kamlang, cag ah..
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan. Bilahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb.
Anda baru saja membaca artikel yang berkategori Artikel dengan judul CONTO NARIMA CALON PANGANTEN PAMEGET. Anda bisa bookmark halaman ini dengan URL http://blogberkah.blogspot.com/2012/04/conto-narima-calon-panganten-pameget.html. Terima kasih!
Ditulis oleh: Unknown - Jumat, 13 April 2012

Belum ada komentar untuk "CONTO NARIMA CALON PANGANTEN PAMEGET"

Posting Komentar