Random Post

Trending Topik

Popular Post

Ping your blog, website, or RSS feed for Free

Recent Post

CONTENT BLOGGER HERE
CONTENT TWITTER HERE
CONTENT FACEBOOK HERE

Comments

Blog Berkah. Diberdayakan oleh Blogger.

Search This Blog

NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA BASA SUNDA



Assalamualaikum, wr.wb.
Pamiarsa nu mulya, cunduk waktuna kana ACARA WARTA DAERAH dina basa Sunda anu dipidangkeun ku HILGA MUTIA NASTITI kalayan dijomantarakeun ku Radio Sukapura, radiona urang kidul
Warta munggaran :
Dina poe Ahad nu geus kaliwat, di Imah Sunda, rengrengan Dangiang Sunda Pakidulan (DSP) ngayakeun babadamian dina nyanghareupan acara Milangkala DSP katilu anu diluluguan  ku pupuhu DSP, Ki Darya.
Tina eta rempugan nyindekkeun yen acara milangkala DSP baris dilaksanakeun alakadarna, alatan kurangna waragad.
Ki Darya nandeskeun najan waragadna leutik tapi karep anu gede,  milangkala DSP dina taun ieu  bisa dilaksanakeun kalayan nyugemakeun.
Warta salajengna :

Dina awal bulan Maret keneh guru-guru SMP sawilayah Karangnunggal geus tatan-tatan dina nyanghareupan acara Porsitivitas taun 2010.
Unggal pangaping pamilon ti unggal-unggal Sakola miharep anak didikna jadi pinunjul nu baris ngawakilan ka tingkat Kabupaten. Guru pangaping paeh poso pikeun ngudag pangharepan sangkan anak didikna jadi pinunjul.
Pupuhu SMP Negeri 1 Karangnunggal rek mere pangbubungah ka sakumna guru anu bisa ngalatih siswa kalayan nyangking pinunjul. Ku cara kitu dipiharep jadi pamecut ka para pangaping mata lomba dina eta kagiatan.





                                                                                                                                                                                                                                                                                                71
Pamiarsa anu mulya :
Guru-guru SD nu aya di wewengkon Eks Kawadanan Karangnunggal ragem ti ayeuna keneh geus tatahar nyiapkeun tim bola poli dina nyanghareupan kagiatan LAKSASDA anu diayakeun ku SMPN 1 Karangnunggal dina bulan Juni nu baris  datang.  Ieu kagiatan miboga tujuan pikeun wadah milih bibit pamula nu miboga bakat, nu aya di wewengkon Eks Kawadanan Karangnunggal.
Pupuhu SMPN 1 Karangnunggal, Ade Karyana, S.Pd. miharep sangkan unggal sakola bisa ngirimkeun kleupna pikeun tandang makalangan dina waktuna.
Warta pamungkas :
Usum hujan taun ieu geus dimimitian. Aparat Kacamatan Karangnungal ngawanti-wanti ka wargana sangkan salawasna waspada tina usum hujan.
Camat Karangnunggal                                            mere amanat ka sakumna  warga anu padumukanana di sisi gawir jeung di sisi wahangan kudu leuwih ati-ati tina bahaya longsor jeung banjir. Sabab datangna musibah teh teu bisa dibabade. Ti taun ka taun pamarentah geus ngalaksanakeun tarekah  sangkan musibah banjir jeung longsor dina usum hujan ieu teu karandapan ku warga.

Sakitu warta daerah nu kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina waktos sareng gelombang anu sami. Hatur nuhun kana perhatosanana. Sim kuring HILGA MUTIA NASTITI seja amit mundur.
Wassalamualaikum wr.wb
Anda baru saja membaca artikel yang berkategori Artikel dengan judul NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA BASA SUNDA. Anda bisa bookmark halaman ini dengan URL http://blogberkah.blogspot.com/2012/04/naskah-pasanggiri-baca-warta-basa-sunda.html. Terima kasih!
Ditulis oleh: Unknown - Jumat, 13 April 2012

Belum ada komentar untuk "NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA BASA SUNDA"

Posting Komentar