Random Post

Trending Topik

Popular Post

Ping your blog, website, or RSS feed for Free

Recent Post

CONTENT BLOGGER HERE
CONTENT TWITTER HERE
CONTENT FACEBOOK HERE

Comments

Blog Berkah. Diberdayakan oleh Blogger.

Search This Blog

NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA TINGKAT SEKOLAH DASAR


Assalamualaikum, wr.wb.
Pamiarsa nu mulya, cunduk waktuna kana acara warta daerah dina basa Sunda anu dipidangkeun ku .............................................. kalayan dijomantarakeun ku Radio Sukapura, radiona urang kidul
Warta munggaran :
Dina poe Ahad nu geus kaliwat, di Imah Sunda, rengrengan Dangiang Sunda Pakidulan (DSP) ngayakeun babadamian dina nyanghareupan acara Milangkala DSP katilu. Riungan eta diluluguan  ku pupuhu DSP, Ki Darya.
Tina eta rempugan nyindekkeun yen acara milangkala DSP baris dilaksanakeun dina bulan Maret katompernakeun kalayan acarana baris dilaksanakeun alakadarna, alatan kurangna waragad.
Ki Darya nandeskeun najan waragadna leutik tapi karep anu gede milangkala DSP dina taun uei  bisa dilaksanakeun kalayan nyugemakeun.

Warta salajengna :
Dina bulan Pebruari ieu, ti anggalna keneh guru-guru Sakola Dasar di Kacamatan Bantarkalong geus tatan-tatan dina nyanghareuna acara Porsitivitas taun 2010. Porsitivitas taun ieu di tingkat kacamatan Bantarkalong dimimitian tanggal 8 Maret 2010.
Unggal pangaping pamilon ti unggal-unggal Sakola Dasar miharep anak didikna jadi pinunjul nu baris ngawakilan ka tingkat Kabupaten. Guru pangaping paeh poso, dug hulu pet nyawa pikeun ngudag pangharepan sangkan anak didikna jadi pangonjoyna.
Kepala SDN Parakanhonje 3 rek mere pangbubungah ka sakumna guru anu bisa ngalatih siswa kalayan nyangking pinunjul. Ku cara kitu dipiharep jadi motivasi atawa dorongan ka para pangaping mata lomba dina eta kagiatan.
Warta anu pamungkas :
Guru-guru SD nu aya di wewengkon Eks Kawadanan Karangnunggal ragem ti ayeuna keneh geus tatahar nyiapkeun tim bola poli dina nyanghareupan kagiatan Lomba Aktivitas dan Kreativitas  Siswa antar Sekolah Dasar (LAKSASDA) anu diayakeun ku SMPN 1 Karangnunggal dina bulan Juni, sawatara bulan nu rek datang.  Ieu kagiatan miboga tujuan pikeun wadah milih bibit pamula nu miboga bakat, nu aya di wewengkon Eks Kawadanan Karangnunggal.
Pupuhu SMPN 1 Karangnunggal, Ade Karyana, S.Pd. miharep sangkan unggal sakola bisa ngirimkeun kleupna pikeun tandang makalangan
Sakitu warta daerah nu kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina waktos sareng gelombang anu sami. Hatur nuhun kana perhatosanana. Sim kuring ..................................seja amit mundur.
Wassalamualaikum wr.wb                 
Anda baru saja membaca artikel yang berkategori Artikel dengan judul NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA TINGKAT SEKOLAH DASAR. Anda bisa bookmark halaman ini dengan URL http://blogberkah.blogspot.com/2012/04/naskah-pasanggiri-baca-warta-tingkat.html. Terima kasih!
Ditulis oleh: Unknown - Jumat, 13 April 2012

Belum ada komentar untuk "NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA TINGKAT SEKOLAH DASAR"

Posting Komentar